sajak sunda Tekad

nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang

prang-pring bambu runcing; maju rampak ngabedah benteng

maju..maju..! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu

ka taman endah nu marakbak tembong bangun teu anggang

panyileukan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan


kiwari geus meh sapuluh  taun kebat lumampah

nyorang jalan nu teu di amparan ku kembang

maju bari nahan kanyeri nincakan karikil seukeut

tapi itu taman panyilekun beut masih jauh, semet tembong lspst-lapat

ya robbi ! sihoreng bet tembong  gelor....


rombongan nu asal rempeg ngahiji sabilulungan

ayeuna aya nu misah ngadon leumpang sasamayan

sawareh geus robah kiblat, kabengbat ku nu ngalalar saliwat

tapi nu bedas tekad na, leuwih suka rubuh tengah jalan

tibatan mengkol elodan, atawa mulang ngaligincing lantaran kecing

bari yakin yen mungguh tangkal  ros rimbil ku cucuk

sarta nu jejerih kacugak, mo laksana bisa metik

No comments:

Post a Comment