Sajak Sunda Ayeuna mangsana

nyeri peurih
nyeueung keretas ngageber
daptar kalapar
 nu ditulis
ku cipanon

waruga manusa
begang regeng
tingkorondang
dipirig ku leungisna
budak yatim
umat nagara merdeka

eta leungeun dengeun
ngaragamang
rek maksa pirusa
nyontang irian
tempat cendrawasih
midang

kanca sageuy rek dengdeng
reheng pagetreng
silih herengan
atawa basilat
ngeduk hak rayat

tur anjeun nyaksi
yen bangsa jeung nagara
kiwari
jeroning sangsara

jeung bahla
bosen ngagorowok
sing gulung-golong
sabilulungan.....
tapi mun teu kiwari
rek iraha deui???

tina kanjutkundang

No comments:

Post a Comment