Sajak Sunda ilangna Mustika

Lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagala motah
tineung mumbul seah ngaglora

jerit aral diajam maratan mega
kalah medal neunggar cakrawala
aya pamayang kaalunkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nunyiptakeun laut

angin lirih dina sela-sela dikir
ngendat sakedap lacak nu ilang
beurang teu aya nu langgeng
ngarusapan ngageurihan kuma urang

di teluk liuh
subuh parahu balabuh
ki pamayang ayem ngaharewos alon
beurang peuting anu urang
ayeuna kula narima
sakabehna.

cideres.....juli 1946
ciamis......20 februari 1986

No comments:

Post a Comment